Panganteur keur Kumpulan Sajak
Leungiteun nu Leungit
Ki Andi Debleng
BUBUKA | Dina gumen catur sapopoe jeung kolot urang, baheula, aya paribasa ulah sok cicing na lawang panto bisi nongtot jodo. Iyeu paribasa lain ngan saukur ngeunaheun wirahma na. Aya siloka anu ku barudak milenial ayeuna mah di- atanapi ka- bangbalerkeun. Naha bet kitu? Apanan ceuk ukuran pikir siloka na teh ngahalangan jalan jang nu liwat. Ti sajabaning eta, ceuk babalik pikir mah eta teh ngandung harti keur ngalamun, keur aya nu ditungguan, atanapi keur ngecet panto na, hihi.
Sing horeng, paribasa Sunda teh loba keneh nu ku urang can dititenan. Eta ngan saukur conto yen karuhun urang (Asa emut ka Wa Kepoh Almarhum na Dongeng Radio Si Rawing anu miboga jurus jetu alias matak pejet huntu, nyaeta jurus ulin karuhunan, heuk heuk… waas pamiarsa) pernah deukeut bahkan rakeut ngadegkeun pangarti. Bisa jadi, paribasa bener-bener aheng makna na, saperti tong nyoelan sambel ka na cowet bisa meunang jodo aki-aki (atanapi nini-nini). Na bet kitu? Naon hubungan nana?
Eta paribasa bijil tina kalakuan manusa nu sapopoe idek-liher di imah. Ka luar ti imah, kolot urang baheula deukuet jeung papangge, buruan, kebon, susukan, sawah, gunung, jeung sajabana. Tangtu, ciciren kalakuan kolot urang baheula bisa jadi totonde jang urang ayeuna anu ngahirupan kasundaan. Nya, di dieu pisan, kumpulan sajak Leungiteun nu Leungit Ki Andi Debleng ngaguar elmu ulin karuhunan. Sajak-sajak anu lain sakadar hayang wanoh jeung tapak tincak kolot urang baheula, tapi oge ngajirimkeun pangarti jadi pangaweruh kiwari.
PANGARTI | Mun seug kuurang ditalungtik leuwih jero, kolot urang baheula pernah ngahirupan jeung dihirupan ku pangarti anu tadi diguar. Ceuk urang bule mah disebut alam mitos. Alam pangarti manusa anu masih keneh deukeut jeung rakeut jeung alam sanyatana. Aya kayakinan yen alam sanyatana teh miboga kakuatan anu bisa ngatur bahkan ngarogahala manusa, nu murbeng alam. Manusa (Jagat Alit) ngan ukur bagian jejer tina kawasa alam (Jagat Ageung). Ka beh dieu na keun, pangarti eta jadi ugeran nu sadar teu sadar ku urang sok disebut pamali.
Wangsa kiwari, kalakuan urang di imah, di papangge, di buruan, di kebon, di sawah, di susukan, di gunung, jeung sajaba na masih keneh aya di lembur. Tapi, Ki Andi Debleng diguratkeun lahir di lembur anu mapag jadi dayeuh, Kota Tasikmalaya. Kalakuan urang sapopoe ge atuh malah mandar jadi beda. Ki Andi Debleng jeung warga dayeuh nguniang hudang ngalakonan sapopoe. Ka luar imah, nu katempo teh jalan, gedung perkantoran, toserba, kafe, bioskop. Ka tambah ku nyonyoo hape.
Dunya teh asa deukeut jeung rakeut. Anu digugulung nyaeta alam pangarti nu disebut elmu (sains) jeung kamonesan elmu (teknologi). Imah jadi tempat pangbalikan tina cape gawe. Moal aya nyaliksik kutu jeung tatangga di papangge. Buruan paragi ulin diganti ku maen game atanapi ulin ka kafe/bioskop. Nyawah diganti ku gawe di kantor. Nyaba ka gunung jadi ulin ka toserba atanapi tempat wisata.
Hiji kawajaran lamun jaman obah. Alam mitologi anu pernah aya di kasundaan, ku rengkak polah na uteuk, mulai kabangbalerkun. Sabab, uteuk nu jadi motor elmu memang ngarusiahkeun anu tadina aheng. anu tadi na cukup ku basa pamali diteangan alesan nana sampe kaharti ku uteuk. Ku alpukah na filsafat, anu nyidem logika (babasan mikir), etika (babasan laku), jeung estetika (babasan ngarasakeun) alam pamikiran mitos lalaunan sirna. sagala kudu kaharti ku uteuk. Moal aya pamali di jaman ayeuna mah.
Elmu jeung teknologi geus jadi Jagat Alit anu ngaleuwihan sagalana. Jagat Alit kasundaan eundeur. Tingkah laku urang dina mikir, dina polah, jeung dina rasa geus teu beda jeung urang bule. Beulah dituna, lain ngan saukur ku raksukan nu di pangsi jeung diikeut. Alam pamikiran kasundaan anu ngandung kaweruh ngahargaan Jagat Ageung ayeuna justru tibalik. Jagat Alit ngarogahala Jagat Ageung. Aya nu leuwih penting. nyaeta kumaha carana alam pangarti kasundaan bisa ngigelan jaman.
MITOS | Mitos ngandung dua arti, nyaeta (1) carita anu aya hubungannana jeung tokoh anu masyarakat jeung (2) carita atawa fiksi anu kanyataannana disangsikeun. Na lebah dieu, kuring kagagas macaan kumpulan sajak Leungiteun nu Leungit. Aya sababaraha sajak ngeunaan mitos kasundaan kabaca. Mitos ngandung referensi sajarah anu ambigu. Carita anu aya hubungan jeung kayakinan, kapercayaan, bahkan agama. Mitos oge sok dianggap hibar palsu atanapi hoaks.
Carita Tangkuban Parahu bisa dianggap mitologi kasundaan. Tina carita iyeu urang bisa nalungtik kaayaan kasundaan baheula, utamana mah atikan-atikan anu aya hubunganna jeung kayakinan masyarakat kasundaan baheula. Carita anu bisa nyambungkeun identitas kasundaan ayeuna jeung baheula. Aya pamali anu disebut inces anu ngabedakeun manusa jeung sato. Di Barat, mitologi dipelajari sampe ka saacan Masehi. Naskah drama Sophocles ngenaan incest sok dijadikeun referensi jang ngaguar nilai kamanusaan sampai ka masyarakat Barat kiwari.
Dina galur ulasan iyeu, kuring nangkep sajak “Mundinglaya”, “Pare Pohaci”, “Ciung wanara”, jeung “Lutung Kasarung-Purbasari”, nyidem tanaga mitos anu kuat ngeunaan totokoh kasundaan. Sajak “Incuing” jeung “Pranata Tata Mangsa” ngaguar mitos totonde alam anu pernah hirup dina kayakinan kasundaan tug dugi kaayeuna. Urang coba ngaguar salah sahiji sajakna, nyaeta “Pranata Tata Mangsa”. Sajak iyeu bisa dijadikeun referensi ngeunaan mitos anu relevan jeung kaayaan kamanusaan urang sunda kiwari.
Sajak “Pranata Tata Mangsa” diwangun ku dua welas bait. Tiap bait dieusi ku lima larik. Tiap bait ngagambarkeun proses gumelar na waktu anu bisa digunakeun, nyaeta nu disebut mangsa. Dimimitian ku gambaran latar tempat jeung waktu anu nyurup na akhir bait jadi proses mangsa dina sataun. Sajak ieu aya hubungannana jeung kearifan lokal kasundaan ngeunaan proses kahirupan. Ngan, dasar na sajak mah mere pesen teh sok ku siloka. Tara togmol.
Dina bait kahiji kagambar latar carita //Kasa mangsa angin wĆØtan ngarangrang daun/Hawa beurang pasalia jeung peutingna/Nihtir jangkrik ngawuku sasampiran//. Ungkapan ngarangrang daun, pasalia jeung peuting, jeung jangkrik ngawuku sasampiran negeskeun carita //Kalangkang kidul karanggeum halodo jero/Taya guna pelak pelok saamparan//. Di akhir bait aya kode angka dalapan digit anu ngalambangkeun carita mangsa halodo jero taya guna pepelakan. Kode angka 2106-3107-41 nandakaeun proses halodo dimimitian ti tanggal 21 bulan Juni nepi ka tanggal 31 bulan Juli. Lilana mangsa halodo kaitung 41 poe.
Sawelas bait saterusna ngagambarkeun proses pindahna mangsa. Anu tangtu na proses eta bakal balik deui ka mangsa halodo anu digambarkeun dina bait kahiji. Supaya teu panjang, urang damel wae guaran sajak “Pranata Tata Mangsa” dina basa gambar di handap.
Sajak “Pranata Tata Mangsa” ngabuktikeun cara maca alam kolot urang beheula. Kumaha sangkan bertani disesuaikeun jeung bahasa alam (cuaca jeung iklim). Lian ti eta, iyeu pangarti anu referensi na tina peperian teh, sok dijadikeun siloka jang laki-rabi. Mun mah tea urang percaya kana siloka laki-rabi, hartina kolot urang baheula geus nenden carita ngeunaan waktu jeung naktu sangkan ulin karuhunan teh bisa sesuai jeung kawasa alam.
KAWERUH | Konsep waktu jeung naktu ku kolot urang baheula disebut mangsa. wawacan kasundaan loba nyidem pangarti anu lain ngan saukur pangarti hungkul. Pangarti anu memang dipercaya, diucapkeun, jeung dipraktekkeun dina ritual kahirupan sapopoe. Pangarti anu ngadarah-ngadaging. Lebah dieu, pangarti geus salin rupa jadi kaweruh. Kaweruh anu deukeut jeung rakeut kana kawasa alam, ka murbeng alam. Kaweruh kolot urang baheula anu ayeuna mah sok disebut peperenian, paribasa, pantun, paririmbon jeung sajabana.
Mun seug urang ayeuna cangcaya kana kaweruh kolot urang beheula, nya bisa diwajarkeun lantaran Jagat Ageung na geus beda. Urang butuh mitos-mitos anyar saperti kolot urang baheula. Mitos-mitos anu bijil na tina Jagat Ageung kahirupan modern. Mitos anu kudu dirasionalkeun ku uteuk (filsafat) jeung diformulasikeun kana pangarti (sains) oge kamonesanna (teknologi). Sabab, Jagat Ageung urang ayeuna memang pinuh ku mitos aheng nu ngadarah-ngadaging.
Iyeu pisan anu dilakonan ku Ki Andi Debleng. Bari muka paririmbon jang maca Jagat Ageung, ku cara medar lalakon mitologi totokoh kasundaan jeung mitologi pamali, Ki Andi Debleng nyupata simbol-simbol kahirupan modern ku sajak. Dina sajak nu di tulis ti rentang 2016 tug dugi ka 2019, mitos-mitos kahirupan modern dipesek cangkangna terus diboleker keun eusina, saperti dina sajak ”Cihideung”, “Kongkalikong Kidung Bangkong”, “Tugu Tasik Teu Asik”, “Curik Galunggung”, jeung “Adipura Karembong Taman Kota”.
Nu istimewa lian ti sajak-sajak mitologi, di rentang waktu iyeu aya sababaraha sajak ngeunaan tresna. Salah sahijina nyaeta sajak kokojo nu dijadikeun judul buku, “Leungiteun nu Leungit”. Sajak iyeu ngabongkar mitos-mitos nu aya dina Jagat Alit panyajaknya ngeunaan kasadaran (jeung sakaligus kateusadaran). Sajak manusa jaman ayeuna anu ticengklak duriat. Naha bet dihubungkeun kana mitos Dewi Sri Pohaci, hehe? Sajak iyeu ngabuktikeun yen manusa jaman ayeuna sadar teu sadar moal leupas tina pangarti nu ngaleuwihan uteuk (filsafat, sains, jeung teknologi), nyaeta mitos. Sababna, mitos mah siga katresna, leuwih hayang dirasakeun jeung dialami batan dipahami, saperti sarua oge kabaca na sajak “Cisoca Dewi Nyakclak”.
Aya oge kabaca sajak religi, saperti “Hanjuang”, Nanggung Padung”, jeung “Cahaya Sawarga”. Khusus sajak “Hanjuang” kabaca oge mitologi Sanghiyang Guriang Tunggal. Sajak-sajak lianna, utamana nu ditulis tahun 2000-an, cenderung ngaartikulasikeun eundeurna Jagat Alit kulantaran dibongkar berhala kayakinan-kayakinan atanapi pamadegan-pamadegan nu ajeg.
PANUTUP | Urang ayeuna geus nepi ka tungtung ngaguar. Naon nu rek ditepikeun ku sajak kanu maca? Sajak, oge seni umumna, lahir tina daya maca manusa ka Jagat Ageung (alam makrokosmos). Hasilna nyaeta pangarti anu disublimkeun kana jagat alit ngajirim karya seni. Mun seug urang maca kahirupan di kota-kota --termasuk Tasikmaya, Jagat Ageung nu kumaha nu bisa ditransformasikeun ku urang ayeuna dina seni, luasna budaya?
Ngarumuskeun pokok-pokok pikiran kabudayaan di hiji tempat moal bisa disawang. Hasil tina rumusan bisa dijadikeun cetak biru pamarentah jeung rahayat ngawangun fisik jeung mentalna. Urang bisa ngamimitian ku nalungtik pertanyaan, Ari tempat urang teh diwangun ku kabudayaan jiga kumaha? Naha tempat urang teh diwangun ku alam kabudayaan maritim atanapi agraris? Mung agraris, masyarakat urang teh diwangun ku budaya sawah atanapi huma? Nilai jeung karya baheula nu kumaha nu bisa ku urang ayeuna diropea sangkan bisa ngigelan jaman.
Iyeu pamadegan kawilang penting. Naon sababna? Sabab, kuring percaya sajak, oge seni umumna, miboga disiplin kaweruh anu satara jeung mitologi, filsafat, oge sains. Seni mangrupakeun salah sahiji cara pikeun urang ngawangun pangarti, sarua jeung nu tilu tadi. Bahkan, bisa jadi manusa jaman eyeuna ngalaman krisis makna. Maksudna, geus jadi pamadegan sarerea yen alam modern teh justru ngaleungitkeun makna kamanusaan sabab hirup na dihuripan ku serba mesin. Dugi ka dieu, piraku urang masih cangcaya yen seni bisa ngubaran kakurangan nu tilu tadi. Cag!
Mangkubumi, Mei 2021
Nizar Machyuzaar
Leungiteun nu Leungit
Lestari
Asa cikĆØnĆØh kamonĆØsan pohaci nyurup
Wanci karĆØmbong konĆØng jadi kembang duriat
Kebul parupuyan muput lelembutan
Nyulusup kana ati
Parawanten ngalayah pikeun pananggeuhan
Teuneung daria ludeng
Pangradinan nyeungitan sela-sela raga
Guneman geus rungu kembangna
Kiwari ...
Karasa lieuk lain ragap taya
Boa salawasna bakal leungiteun jentrĆØng cinta
Atawa padago-dago kĆØsĆØtna tarawangsa kanyaah
Kapanan rajah bubuka lain ngan sakadar surti
Asa cikĆØnĆØh kamonĆØsan pohaci nyurup
Wanci karĆØmbong konĆØng jadi kembang duriat
Geuning leungiteun deudeuh ronggĆØng nu leungit
Dina panyinglar urang paanti-anti
Upi, eduweek 2016
Lutung Kasarung-Purbasari
I
Putra tunggal Sunan Ambu titisan Hiyang Tunggal
Guru Minda miasih indungna
Ngimpi papanggih jeung manusa
Nu sarua di marcapada
Sunan Ambu nyupata Guru Minda
Miceun ka mandala manusa
Ieung baju MĆØga Mendung diriksa
Lungsur ka Buana Pancatengah
NgajanggelĆØk jadi Lutung Kasarung
II
Dayeuh Pasir Batang Anu Girang
Tapa Ageung Nitisuri tujuh istri
Purbalarang PurbadĆØwata Purbakencana
Purbamanik PurbaĆØndah Purbaleuwi
Purbasari anak bungsu geulis luar jero
Purbasari dibanjur cihideung Purbalarang
Pameunteu lasmi ramo pucuk eurih
NgajanggĆØlĆØk jadi monyĆØt teu buntutan
MĆØnta tulung monyĆØt tutung
Diusir ti Pasir Batang sabar narimakeun
Ki lĆØngsĆØr nganteur monyet tutung
Nyicingan gunung Cupu Mandala Ayu
Dipangrampidkeun ranggon poporogok
Pikeun tatapa rumiang nĆØang alam jero
Miceun hinis sesebitan kadunyaan
..
III
Tapa Ageung turun gunung
Menta lutung pikeun deungeun
Ki Lengser indit Aki Panyumpit pamit
Lutung taya laratan di leuweungna
Pinanggih hiji hĆØsĆØ disumpit
Pok lutung ngomong
“Aki piara kuring bawa kuring
Jadikeun kuring anak Tapa Ageung”
Lutung nutur ka pasir batang
Dijieun kaulinan ku lima istri
PoĆØ ka hiji lutung ngaganggu
PoĆØ ka tilu lutung nyaksrak ngaruksak
PoĆØ ka lima lutung teu bisa dicarĆØk
PoĆØ ka tujuh lutung ngagalaksak
PoĆØ ka salapan lutung dibikeun ka Purbasari
IV
Lutung Kasarung Purbasari nyata papanggih
Satemenna dina impian-impian baheula
Purbasari narima sembada Lutung Kasarung
Narima sakumaha babak perlaku jalma
Galurat micinta dina alam pangimpian
Lutung Kasarung ningal kumata batinna
Kalasmian purbasari sarua lir indungna
Disatukangeun awak hideung lestereng
Lutung Kasarung seja dumeuheus ka indung
MĆØnta pangmalikeun kalasmian Purbasari
Lutung Kasarung ngahiji jeung Purbasari
Gunung Cupu Mandala Ayu pangrampidna
Cupu dua pasang silih eusian
Mandala puseur ngahijina handap-luhur
Ayu rahayu salamet kasalametan
..
V
Ajngin-angin pajaratan ngibar ngiburkeun
Ngarobahna Purbasari lasmi kaasalna
Purbalarang amarah ngagegedur
MĆØnta ngabendung leuwi Sipatahunan
MĆØnta bantĆØng bodas lilin ngacas
Lalakon beurat pikeun awĆØwĆØ
Lalampahan hĆØsĆØ pikeun istri
Pati nu jadi tandonna Purbasari
Lutung Kasarung teu huleng jentul
Dina tilu poĆØ cumpon kacumponan
Purbalarang beuki ngagedur amarahna
Ngajak ngaben ngahuma tinareja
Purbasari ngarajah DĆØwi Sri Pohaci
Nyambat nyabit nyebut bujangga bagawat
Meunang hasil sapaneja jadi pinujul
Purbalarang nyipta pangabenan lian
Sangkan Purbasari pati taya di dunya
Masak nu ngeunah nenun nu alus
Ngarias pageulis-geulis
Satemenna kabĆØh pinujulna Purbasari
Dina bulan badra kadesa
PamĆØnta Purbalarang nempokeun banda
Purbasari ngabangingik ceurik teu boga
Lanceukna nu hiji nunjuk lutung kasarung
Lutung Kasarung ngajanggelek jadi Guru Minda
VI
Lanceuk-lanceukna sumujud mĆØnta hampura
Teu dipati terah diusir ti karajaan
Purbaleuwih nu bĆØla tileuleutik diantik
Guru Minda Patanjala – Nyai Purbasari
Pasir Batang anu Guriang – Pakuan Kalangan
Gunung cupu, ciamis, desember 2016-januari 2017
Cisoca DĆØwi Nyakclak
N. Febrianti. D
Kitu pisan DĆØwi...
Tina mamaras manah saenyana ucapan tĆØh
Laku buntu ngumbar panemu lelengkahalu
Tatapakan satapak ilang ngadadak
Teuing saha anu nyangking mawa rungsing
Pasolengkrah lelembutan oah-oahan
Berebey cisoca ngalĆØmbĆØrĆØh
Sanaos kahalang kamonĆØsan salira
Ćmutan DĆØwi...
Ku mata hatĆØ tresna najan katalangsara
Kagareuwahkeun tarĆØkah perkara atikan
Kaasih nyeungseurikeun ucapan
Kadeudeuh nyeungceurikan lalampahan
Tresna guntreng dina patĆØkadan
Tanya jerit batin salira
Perkara dunya sangkan raga adek jeung nyawana
PPL munggaran, 09 Februari 2018
Surat ti Galunggung
Sampurasun
Kahaturkeun mangrĆØwu ucap panuhun
ka pangersa anu parantos anu
nyuluran keusik dugi ka sopak
gorowong copong lebah tonggong gunung
Lain bĆØja atawa cenah teu saluyu
kapan salira ngembang kadu waktu paamprok
cai jeung taneuh sasat lungsur pasalingsingan
purah angin milu ngepung dayeuh
BadĆØ iraha atuh junjunan
salira rurumpaheun ka tonggong gunung
puguhing bakal diangken ku salarĆØa
ieu Galunggung tos ngabatin palay ngurug salira
Keun...
upami salira umangkeuh keukeuh
tangtos kuring datang nepangan salira
ku jalaran ngurug dayeuh sakabĆØhna
Macing Beunteur, 28 Januari 2018
Nanggung Padung
Antara dua jalan anu bĆØda
Talatah mupus nikmatna lamunan
Kiceup jeung renghap silih gupay ditungtung jalan
Karasa ngagantungna tatapakan kabakutet balĆØbat
Kiwari geus ĆØcĆØs
Jalan teh ngan ĆØta ĆØtana
Najan dikuriling imut hariwang
Gusan pangancikan meuteup sieur ka langit
Anu pelongna masih kĆØnĆØh dina tapak baheula
SĆØsa ngolĆØbat tina ngejat duriat rĆØk pegat
Geus kitu ayana piraku rĆØk kasarung
Indit katungtung jalan kajeun bedang
Tong ngimpi dina keur nyaring
Mopo mĆØmĆØh nanggung padung sorangan
Tasikmalaya 24 april 2019
Girimis di Citiis
Nyinglar tresna
Handapeun tangkal cangkilung
Ku angin imut anjeunna
Najan girimis
Citiis mupus tapak
Halimun lamunan saab
Pamuntangan
Jangji kadaka harita
Ka ungkeb ingkar mokaha
Anjeun sulaya
Poho hanjuang nangtung
Nu dibikeun harita
Citiis nu jadi saksi
Pernah ngimeutan ati
Gupay tresna silih nyungsi
Tinggal carita kiwari
Dingding ari 11 10 2020
Handapeun Gapura Cipasung
Keur : AcĆØp Zam-Zam Noor
Tungtung jalan Cisinga nganteur ulin kolbu
Lumampah kapangimpian beurang-beurang
Nyutat lalakon dua jalan lenyepan
Titik gapura Cipasung dikeningan carita
Kasawang kecap-kecap sajak tungtung teuteupan
Ngadago kotrĆØtan lampah padalisan kahirupan
Lebah dieu engang mĆØrĆØ sora ludeung
Neundeun lĆØotan dina tangkal samoja
Malem jumat Cipasing, 06 agustus 2020
NgĆØwa Tresna
- . - = +
MeletĆØk srangĆØngĆØ
+ . + = +
Pecat sawed
- . + = -
Lingsir ngulon
+ . - = -
Sareureuh daang
Taya jalan
Buntu panemu
Tasikmalaya, September 2020
Biodata Panyajak
Ki Andi Debleng katelahna, wasta aslina Andi Ardiyansyah borojol di Tasikmalaya balik ka Gunung Galunggung keur meumeujeuhna gergeran bitu. Inaya teu pernah bangku kuliah di sastra Sunda, tapi saprakna beres sakola SMA inaya cilingcingcat kuralang-kuriling neang pangarti sabudeureun Jawa Barat malah nepi ka Bali taun 2002-an nepi ka taun 2010-an.
Inaya samemehna geus aub ilu-biung jeung Sanggar Sastara Tasik (SST) anu di kongkolakeun ku Acep Zam-Zam Noor jeung Saeful Badar ti SMP keneh. Nalika SMA asa ka jalanan rehna inaya ilu-biung jeung Sanggar Teater Opelet anu aya di eta sakola anu di dirikeun ku alm. Cupit. Nya beuki ka asah jeung beuki ka raut rasa jeung jiwa seni na utamana seni Sunda.
Kiwari inaya ngadegkeun sanggar seni Sunda nu ngarana Katara Badranaya, salian ti resep nulis khusus kasundaan antalogi sajak Sunda ka 1 na nyaeta "Ambeu Dayeuh Kuring" anu kerja sama jeung Kick Andy Fondasion. Inaya oge salian ti resep nulis nyiptakeun oge sababaraha kakawihan jentreng kacapi di antarana judul ; Tasik, Paheut Pasini, Girimis Pasosore, Sasakala Kota, Monyet jeung Nu Lianna
Inaya pernah oge ngaulang di sababaraha sd jeung smp malah pernah jadi konsultan budaya di salah sahiji univisitas di Tasikmalaya. Salian ti ngurus sanggar Katara Badranaya anu barudak atikanna sd, smp, jeung sma, malah aya nu kuliah, inaya ngaulang di SMP plus Darul Ihsan Sindangkasih, Siamis.



2 Komentar
Alhamdulillah masih ada org menulis karya sastra dalam bahasa daerah. Lanjutkan ya.
BalasHapusTerima kasih atas apresiasi Bapak. Kami tunggu tulisan Anda, barangkali berkenan dengan menu konten yang ada.
Hapus